SAJAK KANGGO SD PUTRI
Yus Rusyana
TUKEURAN IEU SAJAK
Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak sahe’lay
Heug rungkupkeun ka barudak anu teu
kaburu heuay
Pating golepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh
atawa heucak
Heug sidekahkeun kanu haropak
Anu marungkuk di saung atawa di
kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ka sabaraha siki pelor
Heug tembakkeun kana genggerong koruptor
manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ie sajak
Ku beubeutian tina kalbu anu rido
Keur nyebor anu balangsak
( Lamun teu kitu sasaak )
Post a Comment for "SAJAK KANGGO SD PUTRI"