SAJAK KANGGO SD PUTRA




SAJAK KANGGO SD PUTRA
Wahyu Wibisana




DENGKLEUNG DENGDEK
Seungit angin priangan
Nebak embun-embunan
Karasa aya anu nyaring

Seungit angin kayangan
Nebak lelembutan
Kapireng aya hariring

Dengkleung dengdek
Cek saha lain nu dewek
Tanah wasiat, tanah duriat

Buah kopi raranggeuyan
Hayang nyaho
Nu saha nu ngaheureuyan
Rek diheureuyan




Post a Comment for "SAJAK KANGGO SD PUTRA"