ULAH REUNTAS
HAREUPAN
Lilin nu keur nganteng hurung
Pes pareum katebak angin
Anjeun kokotetengan neangan korek api
Ihtiar, sangkan liin hurung deui
Kungsi geubis ?
Najan bari nyengir ngararasakeun
kanyeri
Tapi anjeun usaha pikeun nangtung
deui
Lilin nu pareum
Diusahakeun sangkan gancang hurung
deui
Kabeh mangrupa gambaran pikeun atikan
Di mana urang pinanggih jeung
kagagalan
Heug wae arek kuciwa tapi ulah
reuntas harepan
Gancang ihtiar
Post a Comment for "ULAH REUNTAS HAREUPAN"