SAKADANG PEUCANG JEUNG BAGONG
Di hiji leuweung aya bagong jalu,
pikasieuneun. Bagong nunggal,sihungna geus ngeluk buluna bodas, awakna badag.
Boro-boro bangsa bagong deui,dalah sato-sato sejena oge teu aya nu wani ngadeukeutan,sarieuneun.
Manehna panggih jeung peucang.
“ Hey Sakadang peucang ! kadieu
sakeudeung !”
Peucang ge kacida reuwaseun,sabab teu
sangka bakal panggih jeung bagong.
Peucang ngajawab bari tenang, “ Rek naon
Sakadang Bagong ?”
“ Maneh nyaho ? Di saleuweung ieu teu
aya nu wani ka kaula ! kabeh sato-sato sarieuneun !” ceuk bagong semu sombong.
“ Bener ! Bener ! ” tembal peucang bari
unggeuk-unggeukan.” Ngan….!”
“ Ngan naon ? “ Ceuk Bagong semu
mureleng “
“ Ngan jigana sampean ge moal wani ka
manusa mah ! “ ceuk peucang.
“ Hah, Siga kumaha sato nu ngaran manusa
teh ? “ bagong nanya.
“ Awakna mah sedeng we, ngan pinter loba
akal. “ Tembal peucang.
“ Cing hayu ayena urang teangan ! ku
aing rek diamuk !” “ Hayu ceuk peucang “ Moal ! malah sampean jadi saksi,
kumaha jajaten kaula ! “ceuk bagong. Peucang jeung bagong nyarumput di nu buni
sisi jalan nu sok di liwatan ku jelema.
Teu lila lar budak sakola, make pakean
seragam bari nyorendang tas dieusi buku, kawasna rek ka sakola. Bagong nanya
kapeucang lalaunan, “ ieu manusa teh ?”
Tembal peucang, “ Enya ieu. Ngan ieu mah
pentil keneh. Pimanusaeun. “ Bagong unggeuk.
Teu lila jol aki-aki, takrah-tokroh
kundang iteuk bari nyorendang koja. “ Ieu nya manusa mah ?” bagong nanya deui.
Peucang gancang ngajawab, “ Is, bener.
Ngan ieu mah geus buruk mun cara buah mah. Ke sabar. Moal lila ge dating
geura.”
Bagong unggeuk deui.
Teu lila jol paninggaran, ngajingjing
bedil, leumpang dangah bari rurut reret ka kenca-kakatuhueun jalan.
“ Tah mun nu ieu bener manusa, nya?”
bagong nanya bari kawas nu teu sabar pisan.
Peucang gancang ngajawab,” Bener ieu
manusa !”
Ngadenge kitu, teu antaparah deui,bagong
teh sebrut ti panyumputan.Nuju ka manusa nu keur leumpang, maksudna rek di
tubruk. Ngan paninggaran tea rancingeus bedilna. Barang geus deukeut,beledag
sora bedil di sada, pelorna keuna kana badan bagong. Bagong nu tadina keur
mengpeng lumpat, nambru teu hudang deui.
Paninggaran nyampeurkeun ka bagong nu
geus ngagoler bari ngomong,” Ieu yeuh sato nu sok ngaruksak pepelakan aing teh
! “ cenah
Ari peucang mah nempo kajadian kitu,
ujur gogodeg tuluy ngaleos ka jero leuweung.
Post a Comment for "SAKADANG PEUCANG JEUNG BAGONG"