Biantara

BIANTARA BASA SUNDA



TIRTA INDAH



Assalamu’alaikum Wr. Wb

Tipayun mangga urang muji syukur ka hadirat Allah SWT, anu parantos masihan
 mang pirang – pirang knikmtan ka urang sadaya, nikmat sehat jasmani sareng rohani. Shalawat sinareng salam mugia tetep dikocorkeun ka baginda alam Nabi Muhamad SAW,sareng ka urang sadaya nu janten umatna, amiin ya robal alamin.
                                                                                                                    
Ibu, Bapak hormateun simkuring       
Dina sempatan ieu simkuring bade medar ngenaan kebudayaan nyaeta judulna “ Tirta Indah” nu aya di wewengkon Ujungberung,mangrupa hiji wangunan anu ka asup salah sahiji tina kolam renang nu sanes mah iwal Tirta Indah nu pangsaena di Kabupaten Majalengka.
Ku sabab kitu,geus teu aneh lamun kolam renang Tirta Indah janten daerah pariwisata nu loba dideugdeug, boh ku daerah lain komo lamun mangsana pakanci mah loba pisan nu ngadon sukan – sukan.
Wangunan  Tirta Indah legana nyaeta dua hektar, nu ngawangun pasagi opat jeung di wengku ku lapangan parkir.
Di lebet kolam renang Tirta Indah aya dua macem balong, hiji kanggo kaulinan sareng balong kolam renang berprestasi.
Di kolam renang kaulinan aya water boom jeung aya kolam nu kanggo terapi ikan, sapeda air,salain ti eta aya deui kaulinan playing pook, aya sasatoan nyaeta : monyet, landak jeung sajabana ditambih deui ku patung – patung buah – buahan.
Nurutkeun jalmi – jalmi nu nyieun Tirta Indah nyaeta pa haji Ohim.

Rupina mung sakitu biantara ti simkuring mugia aya manfaatna ker urang sadaya, bilih aya cariosan nu kirang merenah kanu sanubari Ibu sinraeng Bapa mugia wening kanggo ngahapunten sagala kakirangannana




Post a Comment for "Biantara"